Sabtu, 10 Desember 2011

Carita Sunda 2

OBAMA JEUNG SEMUR JENGKOL
Awak teh kacida leuleusna taya daya tangan pangawasa, sanggeus di final eleh adu kipper 3-2 ku SD Harapan Bangsa. harita teh tanggal 22 januari 2011 Hanjelu lain bobohongan, teu rek kitu kumaha kabobolan ku ball anu sabenerna mah teu kudu asup mun kuring gancang hudang da ball teh asupna estuning ngagorolong laun pisan. Sampe di imah awak asa ringsek bari gogolehean kuring mikiran bae kasalahan tadi. Lamunan kuring buyar sapada harita nalika aya anu pupuntenan bari jeung sorana handaruan teu katangguh sora saha sahana.

Kuring kaget lain di kieuna sanggeus sadar yen nu datang teh Obama, saha jalma nu teu kenal anjeuna di alam dunya ieu. Presiden nagara badag jeung angkuh, anu danget ieu mah pamingpina teh jalma hideung nu pernah cicing di urang nuturkeun indung bapana Pa Lolo Sutoro.

Aya pi kersaeun naon bapak presiden rurumpaheun sumping ka rorompok sim kuring teh?“. Ceuk sim kuring ku bahasa inggris anu pas pasan meunang ti sakola di ajar ku pa guru.

Silaturohmi bae ji, hayang panggih jeung budak anu aya bakat dina maen ball, bapa kabeneran nongton final silaing di RCTI”
 Euleuhhhh geuning kahartieun bahasa inggris sim kuring teh. Ari sugan teh moal ngartieun da geuning pa guru sok nyarekan ari salah kecap teh.

Kuring jadi beuki percaya diri, antukna sabodo amat rek ngartieun rek hentu nu penting alewoh. Gancangna carita sanggeus anjeuna ngalimed bae dahar jeung semur jengkol anjeuna nyalukan pun bapa. Kuring kaget lain dikieuna teu ieuh menta kasaluyuan heula jeung sim kuring jol jol kuring di bawa bae ka nagara pak Obama. Sanggeus datang ka istana , White house, gedung putih mun ceuk urang mah , sim kuring disambut meriah ku keluarga kepresidenan. Horeng pa obama geus nelpon heula yen bakal mawa calon bentang lapangan hijau ti Indonesia. Malum Amerika nagara anyar di widang maen bal mah. 

Hiji mangsa waktu kuring di ajak jalan jalan sabudeureun istana pak Obama nanya naha jengkol teh masih keneh loba di Indonesia atawa henteu.  Ngadenge penjelasan kuring yen jengkol masih loba, manehna daria naker.  Langsung saharitana sim kuring di ajaran elmu cara cara ngaekspor barang. Kuring rek dibere kasempetan balik heula keur ngurus jengkol anu saterusna sina diteruskeun ku pun bapa. Horeng simana horeng pa obama kabeukina semur jengkol waktu anjeuna netep di Indonesia teh. Awahing ku resep ngobrol ngaler ngidul jeung Presiden Amerika tea, mata dadalangaran ningalian sagala rupa anu can manggih  Saumur umur di lembur kuring. Jeduk suku titajong kana stapping gubrag kuring labuh, sapada harita pak obama ngajewang kuring bari nyarekan :“
Matak ge ulah molor sareupna, Raji !!!!!!, hulu bencenut deuleu, “  Ku bahasa sunda logat Rajagaluh. Astagfirullah hal adziiiimmmmmmm geuning nu bieu teh ukur ngimpi. Kuring gancang ka kamar mandi memeh muka baju kuring ngahuleng ngumpulkeun pangacian, sapoe ieu hanjelu kudua kutilu.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar