Sabtu, 10 Desember 2011

Carita Sunda 3

KUMIS MAUNG CIREMAI
Di hiji kampung tutugan gunung ciremai pernahna antara desa padabeunghar jeung padaherang , hirup sapasang laki rabi anu can dipancen boga momongan atawa anak  ,durjana jeung sumi ngarana.

Durjana kaasup lalaki anu gagah pertengtang, hanjakal manehna galak jeung kasar, teu kireum kireum mun aya kaambek mindeng ngarogahala pamajikan  nepi ka tatu parna,teu boga ras rasan. Najan kitu sumi tetep sabar , manehna tetep satia satuhu kanu jadi salakina, durjana harepan manehna keur panyalindungan sabab sumi geus patulalis teu indung teu bapa estuning  teu dulur teu baraya... Durzana jeung sumi hirup tina ngingu hayam jeung tatanen sejena. Usahana kawilang lancar sabab geus boga langgan matuh ti kota Rajagaluh. Hiji mangsa nalika sumi keur marab datang hiji aki aki , wahnan ala wahnin payah kacida alatan lapar can manggih dahar, sigana aki aki teh keur ngalalakon leuleumpangan jauh. Teu ngadagoan di penta , sanggeus ngajawab uluk salam si aki sumi langsung sasadia. Brak dahar bareng duanana, ponyo pisan si aki daharna, maklum lapar meureun. 

  Nuhun pisan nyai, aki mani asa katumbu umur“  Si aki teu eureun eureun nganuhunkeun ka sumi.

  Sawangsulna ki, saleresna aki teh bade kamana atanapi mulih timana  ieu teh “ Jawab sumi bari malik nanya. 

“ Wangsul jalan jalan bae nyi, daripada ngalamun di saung nyorangan “.
‘” Aki mah asa teu genah rasa ieu teh ningali nyai semu nu bingung  mindeng olohok ngembang kadu,” ceuk si aki nyelok ka sumi. Sumi kaget jeung era katohyan jiwana. Gancangna carita sumi curhat ngeunaan salakina ka si aki.

Sumi anaking, geus ulah hariwang geulis , iraha bae sempetna nyai datang ka saung aki . kahade poho bari mawa syarat anu diperlukeunCeuk si aki bari metakeun alamat bumina.Hatur nuhun ki, tapi naon syarat anu kedah di candak teh“ Jawab sumi bungah.

“ Di jero guha landeuheun lembur itu “ ceuk si aki bari nunjuk  lembur kadoela. “
“ Aya hiji maung badag pisan kiwari ngagalaksak ka lembur lembur , ku nyai geura cabut kumisna hiji, bawa ka aki
Sumi ngahuleng mata simeuteun teu percaya ka omongan si aki , dasar aki aki tujuh mulud  teu mikir sugan , karek ge cengkat rek nawar, manehna kaget , horeng si aki teh titadi oge geus euweuh meureun . Saking kuatna kahayang ngomean rumah tangga  sumi ngalaksanakeun parentah si aki. 

Kalawan ati ati pisan sumi ngadatangan eta guha , tangtuna bari mamawa hayam jang umpan.Teu karasa, jol jol geus poe ka opat bae, sumi masih can manggihan eta maung. Kakara di poe ka lima sumi manggihan maung keur ngajolopopong hareupeu guha.
Keteyep keteyep sumi ngadeukeutan . Wani soteh pedah maungna hees.. jaJantungna ratug  tutunggulan nalika sumi ngan ukur tinggal sababaraha meter ,  can bisa leuwih ti eta. Kitu jeung kitu terus sampe akhirna teuing poe ka sabaraha sumi tinekanan nyabak buntutna ,terus poe isukana awakna, huluna, sampe akhirna sakadang maung katagihan ku lahunan sumi. Kitu deui sumi leuwih ngarasa aman lamun nanangkeup maung tibatan nangkeup durjana, salakina.. 

Waktu maung hees saeutik saeutik sumi nyabakan  eta kumis, tapi saminggu mah ngan ukur di omean wungkul. Sampe hiji sore sumi estuning bener bener nekad, Ceprutttt kumis maung di cabut. 

Kudangkang Maung hudang ,rarat reret, sumi ratug jajantungna, terus maung hees deui. Waktu Sumi rek balik ngadadak sumi boga rasa sieun anu kacida gedena…
Sanggeus rada jauh,,,,,, berrrrrr sumi lumpat sakalumpat lampet. Isukana sanggeus marab sumi langsung ngajugjug ka si aki. Henteu basa basi deui sumi langsung nyerenkeun kumis maung.

Hahahaha alus nyai anjeun geus hasil nalukeun maung, baturmah can tangtu bisa” ceuk si aki bari narima kumis maung

Ayeuna eta kumis maung kudu dikumahakeun ku abdi ki ?  Tanya simi  bari olohok ngembang kadu nempo si aki ngagocrak bae nyekerkeun paneker  kawas nu rek meuleum kumis.
Sumi kaget lain dikieuna nempo si aki bener bener meuleum kumis maung . Nyel sumi ambek . tapi si aki malah nyakakak seuri bangun anu  genah pisan, ningali paroman sumi ambek.

“Sumi anaking, geura balik hidep . Teu hade hidep ninggalkeun salaki bari jeung teu amitan deuih “. Ceuk si aki.

“ Naaonan ieu teh ki “’ “
Sumi ambek lain dikieuna, asa di ulinkeun ku si aki.

Sumi anaking , Maung anu sakitu galakna bisa ditalukeun, komo salaki hidep mah. Aki can ngadenge salaki ngahakan rubiahna, aluk mah nyai gancang balik tepungan salaki hidep bisi can dahar”.
Sakedet netra sumi gancang amitan, sigana sumi ngarti kana wejangan si aki bieu .
 Nuhun ki,  asssalamualaikum “ . ceuk sumi bari dirigdig sumi indit.
“ Wa alaekum salam” . Si aki ngawaler bangun nu bungah ningali sumi kitu teh.
Sumi jeung carogena kiwari hirup rukun sauyunan kacai jadi saleuwi kadarat jadi salogak . Jadi conto keur tatanggana nu lian.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar