Sabtu, 10 Desember 2011

Carita Sunda

GAREKGOK  JALAN KA TAGOG
Lima menit deui kana bubaran diajar teh barudak curinghak. Aya gugur bedar pisan, eta wae kaca jandela mani eundeur . Barudak kaasup kuring raong usul sangkan gancang balik.
Dasar incu uyah maranehmah . karek ngadenge gugur bae geus riweuh.” Saur pa guru ngagonjak barudak.
“Ih tuda kamari ge hujanan mani ageung pisan. Gugurna ge mani baleuneur, sieun abdi mah” ceuk alivia budak awewe pangwanterna.
Enya sok atuh geura beberes” saur pa guru eleh deet.
Karek ge pa guru kaluar ,breg teh hujan kaburu turun. Antukna kuring sapada batur tinglaliud di teras sakola. Sabot sim kuring jongjon ngulinkeun rubik aya sora nyalukan tarik pisan . Horeng pun bapa mapagkeun.
Sim kuring buru lumpat muru pun bapa bari jeung ka babaturan mah poho teu permisi permisi acan
Barang sup ka tagog , gurual gareol motor teu puguh arahna luak leok milihan jalan. Najan ka tutupan mantel sim kuring bisa mastikeun yen motor teh geus aya lebah tagog
Sapanjang jalan nampeu pibahalaeun  Mun lumpat sologoto, lombang lombang ditarajang moal salah deui motor pasti tibanting, pon kitu deui nu marawa mobil sarua luh lah.
Sajeroning nanangkeup pun bapa hate mah galecok maido kanu dibendo, naha atuh taun taun jalan ka tagog teh diantep ramijud awut awut kieu? Padahal tagog teh pangbadagna nyumbang pajeg ka nagara
Lain eutik eutik dolar asup timanca nagara ka Indonesia teh ti tagog. Unggal waktu kendaraan nu ngarangkut barang barang komoditas eksport lalar liwat di jalan ieu. Cik atuh ulah pahibut gajih teuing .
Cag

Tidak ada komentar:

Posting Komentar